2 Babad 20
Rada lila ti harita, aya balad urang Moab jeung urang Amon bareng jeung urang Mehunim, ngarurug ka Yuda.
Aya sawatara utusan miunjuk ka Yosapat, "Aya balad musuh ti Edom ageung pisan, dongkapna ti peuntaseun Laut Paeh bade ngarurug ka dieu. Ayeuna parantos meh ngarebut Haseson Tamar." (Ngaran lalandian En Gedi.)
Yosapat gugup, tuluy sasambat ka PANGERAN mundut pituduh. Geus kitu marentah supaya sakuliah nagara puasa.
Urang Yuda ti mana-mana daratang ka Yerusalem arek menta pitulung PANGERAN,
kumpul di Bait Allah di buruan anyar. Raja Yosapat ngadeg mayun ka jalma rea
tuluy neneda tarik, "Nun PANGERAN, Allah karuhun abdi sadaya! Gusti ti sawarga ngawasaan bangsa-bangsa saalam dunya. Gusti kawasa sareng digjaya, moal aya anu kiat ngalawan ka Gusti.
Gusti teh Allah abdi sadaya. Nalika Israil umat Gusti majeng ka ieu tanah, bangsa-bangsa di dieu ku Gusti disapu, sarta ieu tanah dipaparinkeun ka anak putu Ibrahim, sahabat Gusti, jadi milikna anu langgeng.
Maranehna parantos tetep-tumetep di dieu, parantos ngadegkeun Bait Allah paranti ngabakti ka Gusti. Parantos tarerangeun,
yen upami maranehna keuna ku hukuman ditarajang ku bahla, ku perang, ku pagebug, atanapi ku tigerat, kenging dumeuheus ka dieu ka payuneun ieu Bait Allah paranti ngabakti ka Gusti. Kenging sasambat ka Gusti, ngunjukkeun papaitna, tur tangtos ku Gusti dikabul dirahayukeun.
Ayeuna abdi sadaya dirurug ku urang Amon, ku urang Moab, sareng ku urang Edom. Padahal nalika karuhun abdi sadaya budal ti Mesir teh henteu kantos nyorang ka tanah-tanah maranehna, margi ku Gusti dicegah. Karuhun abdi-abdi nganggo jalan nguriling, dugi ka eta bangsa-bangsa teh teu kantos digempur.
Nanging ayeuna pamalesna kieu, murubul ka dieu niat ngabuburak abdi sadaya ti ieu tanah paparin ti Gusti.
Nun Allah abdi sadaya! Mugi maranehna dihukum, reh abdi sadaya hamo kiat ngayonan balad sakitu ageungna, anu kantun breg ngagempur ka abdi sadaya. Abdi sadaya bingung kedah kumaha. Mung ngaharep pitulung ti Gusti."
Urang Yuda jeung saanak bojona kabeh kumpul narangtung di Bait Allah.
Geus kitu aya hiji urang Lewi golongan Asap, di tengah pakumpulan dilinggihan ku Roh PANGERAN. Ngaranna Yehasiel bin Jakaria, turunan Asap, rundayan Matanya, Yiel, jeung Benaya.
Yehasiel mihatur kieu, "Nun Kangjeng Raja, sareng aranjeun urang Yuda sareng urang Yerusalem, dawuhan PANGERAN urang henteu kedah kuncup atanapi gimir ku eta balad anu sakitu ageungna. Ieu perang teh gumantung ka Allah, sanes gumantung ka urang.
Enjing ayonan ana eta parantos daratang ka tanjakan Sis. Papag di tungtung lebak anu losna ka gurun caket Yeruel.
Dina hal ieu aranjeun henteu kudu turun campuh, daragoan bae bari ngajaranteng. Engke nyata aranjeun tangtu diunggulkeun ku PANGERAN. Eh urang Yuda, urang Yerusalem, ulah bingbang, ulah sieun. Maju jurit! PANGERAN anu nyarengan!"
Bruk Raja Yosapat sujud, rarayna antel kana taneuh. Bruk deui rahayat sarujud ngabarakti ka PANGERAN.
Urang Lewi golongan Kahat jeung Korah narangtung tuluy kabeh ngamulyakeun ka PANGERAN, Allah Israil.
Barang geus bray isuk, rahayat budal ka gurun deukeut Tekoa. Memeh jung Yosapat ngucapkeun heula amanat, saurna, "Eh urang Yuda jeung urang Yerusalem! Masing manteng ka PANGERAN, Allah maraneh, tinangtu maraneh teteg. Sing percaya kana ucapan nabi-nabi, tinangtu lulus."
Sanggeus maparin amanat ka rahayat, raja nimbalan ka para biduan kudu marake dangdanan paranti dina kajadian-kajadian anu dikaramatkeun, tuluy sina baris, maraju di pucuk barisan bari nyaranyi, "Mulyakeun PANGERAN! Asih-Na langgeng!"
Barang breng maranehna maruji, balad musuh anu rek ngarurug teh ku PANGERAN dirusuhkeun.
Urang Amon jeung urang Moab jadi ngagempur ka balad Edom mani tumpur lebur, geus kitu dua pihakna campuh silih tarajang mani ragot.
Barang urang Yuda narepi ka hiji munara di gurun, ana narempo ka lebah musuh bet geus tingjolopong taya nyawaan, mani teu aya anu kaiwalkeun.
Ti dinya Yosapat sabaladna ngumpulkeun barang-barang jarahan, sapi pirang-pirang, bebekelan, papakean jeung barang-barang lianna anu marahal. Bakating ku loba-lobana ngumpulkeunana ge nepi ka tilu poe, kitu ge teu kabawa kabeh.
Dina kaopat poena kumpul di Lebak Beraka, ngucap sukur ka PANGERAN ku sagala pitulung-Na, jeung eta sababna nu matak eta lebak dingaranan Beraka.
Balad ku Yosapat dicandak mulih ka Yerusalem, tas unggul jurit lantaran musuhna dielehkeun ku PANGERAN.
Sacundukna ka dayeuh tuluy baris ka Bait Allah dipirig ku kacapi jeung tarompet.
Bangsa-bangsa anu meunang warta hal PANGERAN geus ngelehkeun musuh-musuh Israil, kabeh gimir.
Ku hal eta Yosapat ngarajaanana tengtrem, sarta ku PANGERAN disina aman ti saban pihak.
Yosapat mimiti jadi raja dina yuswa tilu puluh lima taun, ngarajaanana dua puluh lima taun, calikna di Yerusalem. Ari ibuna nya eta Asuba binti Silhi.
Sakumaha Asa, ramana, anjeunna midamel anu sapagodos jeung pangersa PANGERAN.
Ngan anjeunna henteu ngagempur tempat-tempat ibadah ka brahala, jalma-jalma ngabaraktina ka PANGERAN teh angger bae kurang suhud.
Lampah Yosapat salian ti eta ti awal nepi ka ahir kaungel dina Kitab Carita Yehu bin Hanani, bagian tina Babad Raja-raja Israil.
Dina hiji mangsa Raja Yosapat sosobatan jeung Raja Ahasia, raja Israil anu lampahna doraka kabina-bina.
Di palabuan Esion Geber eta dua raja ngadamel kapal-kapal pikeun ngambah laut.
Ku hal eta anjeunna diweweleh ku Elieser bin Dodawa ti Maresa, "Ku margi Gusti nyobat sareng Ahasia, eta damel Gusti teh ku PANGERAN bakal direksak." Bukti, kapal-kapalna teu kungsi balayar, kaburu barejad.